Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Putri Kalimaya

Rabu, 25 Mei 2016

KARATON Ujung Kulwan kipruh. Balé Agung agréng direrencéng. Di jorongan kiwa tengen ditambah tatarub. Bélékétépé pangdiukan ngalampar.
Raja rék katatamuan calon bésan. Malah putrina géh ilu cenah, hayang kokojayan silanglang di Sanghyang Sirah.
Poe brengna. Rebun-rebun jawara ngajajar ngamankeun jajalaneun. Méméh tatamu agung ngurunyung, sing kecewis cacahan masinikeun batu ali nu naraplok na ramo-ramona. Ujung Kulwan katelah ngaleuyah batu Jambrut Ujung Kulwan. Beuki gedé jeung rapang batuna, teu cacah teu ménak, dianggap sugih gedé ajén. Êta nu mawa sarombongna urang Ujung Kulwan.
Barang jol aleutan tatamu. Nyolong badé. Kabéh aleutan, dina ramo, jamang, lomar, tumbak, taméng jeung karéta, rerencéngna maké batu. Tina jero batu ngaburicak warna-warni. "Bagooor Jarong jasa!" urang Ujung Kulwan nu sarombong, marolohok.
Jut, Putri turun tina karétana, pribumi ngarahngah paneuleu. Dina ramo lalentikna, kutungna, makutana, soléndangna, sing buricak jarong tina batu mangpirang wujud jeung ukuran.
"Bagéa rampes Putri Kali Maja di Ujung Kulwan." Léngsér kokono.
"Rahayu Kalimayaaaaa!" raong. Kaasup urang kiwari.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya