Citarum
BANGKÉ anjing nyambuangkeun angseuna ka juru lembur. Ka hiji imah leutik sisieun walungan. Cai ngajadi hunyudan plastik. Plastik jadi seuneu nu ngadatangkeun héab dina unggal rénghap jalma nu ngalalar luhureun cukang.
"Béjana taun hareup mah rék aya undang-undang runtah, atawa ngan saukur implengan awuntah?"
Nu mamanggul daun bako nyoara. Nu ditanya ngadon nutup irung, tuluy nyarita semu ngosom, "Runtah mah moal nyieuhkeun runtah deui, deuleu...." Bau bangké beuki sanget. Cai jadi plastik. Plastik jadi seuneu. Aya nu ngabebela dina dada jalma-jalma. Ngabayangkeun duit pulas beureum nu mayak di imah gedong. Imah nu jauh. Duit beureum meunang ngulas-ngalés ku getih jalma leutik. Jalma nu sirahna nyangkrung gigireun bangké anjing.
"Bulan hareup mah cenah geus usum hujan deui, nya? Karunya ka nu di lebak. Banjir ngeueum maranéhna."
Imah gedong beuki luhur. Duit beureum hanyir getih. Cai jadi seuneu. Seuneu ngaduruk pasar. Urut pasar jadi mall. Loba jalma poho kana cai sanyatana.*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


