Lilin
WILUJENG tepung taun! Ayeuna manéh panceg salawé taun. Tong haben ngukut bangbaluh, geura susut cimata. Naon-naon nu kajadian geura kubur masing jero. Sing percaya, urang bakal salawasna maturan...” Dareuda. Taya nu némbal. Cekés. Nyeungeut lilin beureum. Gap. Balati. Seuseukeutna didéangkeun. Rét. Kana potrét lalaki. Rumahuh. Laju ngaliarkeun teuteupan sabudeur apartemén. Tempat saniskara guligah. Antara hojah jeung sumerah lampah.
“Tong hariwang, rusiah manéh ngagugurkeun kandungan ngan urang nu apal. Najan papada waruga awéwé, urang bisa ngaléngkah nyorang tarahal jalan babarengan. Euweuh kulawarga, euweuh dulur, euweuh lalaki nu sok mindeng nganyenyeri! Dunya ngan urang duaan...” Beuki dareuda. Angger taya nu némbal. Gap. Beubeur. Reketek. Dicangreudkeun kana peupeuteuyan. Ceg. Jarum morfin. Matri rénghap jeung ambekan.
“Urang geus nedunan jangji, lalaki nu ngarurujit kasatiaan manéh geus ditelasan!” Nyakakak. Beuki nyakakak. Laju nyegruk. Lilin lééh diranggeum hiliwir. Hareupeun eunteung tualét. Manéhna lana nyorangan. Jeung balatak jarum morfin. Katut balati lamokot getih garing. Nanceb luhureun potrét.*
Ari Andriansyah - kisuta.com


