Sastra & Humor
Fikmin
Tamaha
Minggu, 29 Mei 2016
NU dicindung wungu, bangun jarauh panineungan neuteup tatangkalan jeung tegalan nu lalumpatan tina kaca jandéla mobil. Hayang ngusap pipina nu cahayaan, hayang ngaranggeum ramona, hayang…hayang.., ah ngadadak asa sono. Padahal ayeuna rék dianteurkeun ka kulawargana.Naha bet karék ayeuna katara manisna, bageurna, sabarna, nyaahna? Sapuluh taun ngan dianggap indung budak, patih goah. Cinta? Ah, teuing keur saha, sab aya Mia, Nina ,Rani jeung Linda. Tapi sabulan katukang, waktu manéhna wakca, katrésna bet melentis laju ngarandakah. “Tos capé nyandiwara. Mending urang sami-sami bagja. Bilih bade nikah deui abdi seja undur. Hapunten , bongan abdi diantep nyorangan, ayeuna tos aya nu mikahéman.”*
Tiktik Rusyani - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


