Nadran
MANÉHNA olohok semu héran. Sidik tangkal samoja téh geus ngarangrangan. Tapi kembangna bet ngabayak luhureun kuburan. Euweuh kalakay, euweuh jukut-jukut acan. Manéhna. Nyelang heula rarat-rérét ka sabudeureunana. Niténan nu kéur harusu ngadua di éta astana. Nu nyesa kari hiji dua.
Bari popoyongkodan manéhna nyampeurkeun.Tulisan dina tetengger diéjah alon naker. Ganco jeung sapu nyéré nu bieu dikeukeuweuk, geuwat dibalangkeun. Karung ledrek nu méh metet tur rada ngangsar, diécagkeun rurusuhan. Tuluy eusina dirampaan.
Kalangkang tangkal samoja katara beuki manjangan. Ngarungkup waruga nu keur gumerendeng babacaan. Manéhna. Bangun teu gedag kaanginan. Najan sora merecon geus kadéngé mimiti bébérébétan. Rénghapna dipulut walatra. Nyeuseup seungit kembang sawarga. Dina rajah pamungkasna, manéhna wasa kénéh nyebut deui hiji ngaran nu cikénéh diéjahna. Laju nutupkéun buku kuleuheuna. Buku Iqro jilid dua.*
Asép Komara - kisuta.com


