Sastra & Humor
Fikmin
Nu Nyamuni
Selasa, 7 Juni 2016
RAP, dasi dipasangkeun dina kerah kaméjana. Dangdak-déngdék. Ditatap, diusap. Rapih. Pantes. " Atos Mah, cekap. Nuhun bageur." Celengok kana tarang. Gep, nangkeup pageuh bangun deudeuh. "Papah nyaah ka Mamah." Ngaharéwos dina cepil. Kuring ukur imut bari ngararasakeun liuh socana. Soca nu ngajadikeun kuring ragrag kanyaah ka anjeunna. Soca nu ngajadikeun kuring unggeuk basa anjeunna narosan. "Gusti, tong pisahkeun abdi sareng anjeunna," gerentes haté basa mobil ngaléong ninggalkeun pakarangan. Kirilik. Sora sms disada. Klik, dibuka. "Haram jadah! Naha euweuh lalaki séjén nu bisa diganggu ku sia? Naha geus teu laku ka jajaka atawa duda tepi ka ngarebut salaki aing?"*
Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


