Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Manéh

Rabu, 8 Juni 2016

GEUS lila teu lawung. Teu silih surung taktak bari seuseurian, bari neuteup dadampar gunung.
Komo paheula-heula nepi kana tangkal pines nu ditatahkeun ngaran manéh jeung uing mah, teuing iraha rék kasampeur deui.
Inget kénéh teu, Mmi? Basa hapé uing ku manéh dibukaan sms-na. Tuluy dibaca satarikna. Manéh seuseurian bari mulak-malik hiji kecap bangun ngeunah pisan, "Lebay! Lebay! Lebay!"
Wani sumpah! Uing hayang siga kitu deui. Hayang metik gitar, maturan sora manéh nu ngagalindengkeun 'Lagu Kebangsaan' urang. Hayang ningali deui baeud manéh nu kaciprukan hujan basa uing ukay-ukey ngoméan Véspa biru nu baseuh busina. Hayang patarik-tarik deui nyoarakeun hiji kalimah dina sela-sela séahna lambak sagara.
"Uing bogoh ka manéééh....!"
Ah, keun baé nya, Mmi. Ngalamun mah da teu matak nganyerikeun ka batur. Cukup urang wé nu nyerina.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya