Nu Diajar Shaum
"WAYAHNA, Néng diajar shaum,nya. Pami tiasa mah dugi ka tamat." Kuring unggeuk. Glek! Bati neureuyan ciduh unggal ninggali adi nu keur nyaleuhak dihuapan bubur hayam. "Ameng, jig! Méh teu karaos waktosna geura," ceuk indung bari jongjon ngahuapan. Jam sawelas, sup, ka dapur. Rut rét. "Taya sasaha," kuring ngagerentes. Nguluprak kana méja makan, goréng tahu béak dua. Jam tilu, indung nyalukan. "Geura ibak,Néng! Tos badé ashar." Sabot mandi, kuring nguyupan cai tina keran, sawaregna. "Seger!" Kitu jeung kitu kalakuan kuring sapopoé nepi ka ngong adzan magrib. "Alhamdulillah, Néng téh tamat waé shaumna,Pa." Paguneman Mamah jeung Apa nalika ngariung dina waktu buka puasa. Kuring neuteup si cikal nu kiwari keur diajar shaum. Aya galécok dina jero haté nalika inget mangsa katukang. "Mudah-mudahan hidep mah jujur, geulis..."*
Bunda Unie - kisuta.com


