Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kaduhung

Jumat, 10 Juni 2016

BRAAK..panto ditajong. nu dijero warnet kabeh ngarenjag. Iblis culang-cileung. Ngungkug. Nyampeurkeun sekat nomer tilu. Lol. bedog diheumbat. nu diuk kasima. Hiuk, bedog ditigaskeun. gorowok. crak. bedog nigas lebah beuheungna. tulung! gorowokna, laju lumpat kaluar rohangan. rikat, iblis ngudag nu lumpat. Blak. Nangkarak di palataran warnet. Iblis ngabedega. Laju ngaheumbatkeun deui bedogna. Cruk crak, hantem nigasan. Nu nangkarak tibra. Reg. Ngajentul. Sobatna ngabibigang. pluk. bedog na ranggeuman murag. Sajuringkang. Aya kalangkang kaluar tina awakna. “Hade jang, hade! Silaing batur dewek!” Cakakak, Seuri tarik naker. Denis. Umbruk tuluy ngangkaung. Kalangkang. Beuki tarik nyakakakna “Silaing batur dewek!” Cakakak. Aweuhanana, satungtung denge. Buringkal. Cengkat. Pameunteu nu leungiteun dangiang. Mencrong kosong. Ramo-ramo muntang pageuh. Kana takdir nu pinasti.*

Remi Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya