Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Fatimah
Sabtu, 11 Juni 2016
SOBAT dalit kula, geus lila dikepung bingung. Duméh pamajikanana lebeng taya béja jeung carita. Lima bulan jadi TKW, taya surat sacewir-cewir acan. Kungsi éta ogé aya warta, najan teu puguh sumberna. Cenah, pamajikanana kabur ti imah dununganana, lantaran rék dirogahala.
Ari bieu, waktu kula mulang ti Karbala Dua, bet diparengkeun panggih, dina upluk-aplakna sagara keusik. Leuseuh méh béak tanaga, papakéanana ruwak-rawék, banget matak nalangsa nénjona. Éta pamajikan ki sobat ujug-ujug nyekel tungtung jubah kula, laju minangsaraya, “Sayid Husén, ku hoyong abdi nyuhunkeun tulung ka tuang ibu.”*
Tatang Sumarsono - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


