Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Bati Diajar Puasa

Minggu, 12 Juni 2016

TROK. Pamupus bor diketrokkeun kana méja. Niron hakim muka sidang pangadilan. Bédana ieu mah dina rapat minggon di balé désa. Nu datang hookeun sabab ngan ukur limaan. "Taya salahna urang mimitian. Limaan nu bisa datang tepat waktu payus dihargaan tibatan ngadagoan nu kabeurangan bari tacan karuhan."
Tegep. Basana merenah. Sorana matak genah. Medar masalah ngaguluyur teu loba rékaan. Teu kaganggu ku nu nungtut datang bari kalamas-kélémés. Ti awal bubuka tug nepi ka panutupan, rapat minggon lancar. Taya nu diwiwirang alatan kabeurangan, ngan pasti tinggaleun béwara nu kaliwat. Teu maké siaran ulang.
Trok. Tabuh sawelas, wanci pecat sawed, rapat ditutup. Nu limaan pada ngarubung. Jadi pananyaan. Kadés anyar budak ngora idéalis. Inget ka mangsa keur budak waktu nyanghareupan adan magrib bulan puasa. Apik bisi ngabatalkeun kana metik pahala.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya