Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Carpon

Monyét

Minggu, 12 Juni 2016

HALODO erang-erangan. Panas jeung kebulna pohara. Walungan ngolétrak tinggal batuna. Kardi ngarahuh. Jukut beuki hésé. Domba pamaro Haji Adang beuki baregang.
Rét kana karanjang nu karék kaeusian satengahna. Loba kénéh kurangna. Tegalan geus garing. Rék ka leuweung sieun ku pamali. Urang lembur manéhna mah dipahing pisan asup ka leuweung. Leuweung larangan disarebutna gé. Angker cenah ceuk kolot mah. Loba kajadian baheulana.
Domba tingbérélé waé. Lapareun kénéh jigana. Kardi beuki bingung. Tungtungna ceg kana tolombong jeung arit.
"Ah di sisina wé. Moal asup. Teu pati pamali meureun di dinyana mah," ceuk pamikirna.
Ngalaan daun kirinyuh sisi leuweung ukur meunang satengah tolombong. Luak-lieuk bisi aya nu nyérangkeun. Kuliwed kana sela-sela awi. Luak-lieuk. Tangkal kai galedé rembet jeung tatangkalan laleutik. Paroék. Taneuhna teu pati gahgar teuing di dieu mah. Putak-petik dangdaunan. Pinuh satolombong. Gura-giru balik.
Isukna kitu deui. Saminggu noron. Domba teu pati tingbérélé teuing ayeuna mah.
"Lain, Di. Alus milik manéh mah meunang parab loba waé," ceuk dahuanana. Teu dibéjaan mimitina mah. Ngan pamajikanana nyeleksek. Titah lanceukna meureun.
Lahlahan bébéja. Ngahuleng lila.
"Ngilu ah. Karunya domba," cenah.
Mimitina duaan. Lila-lila pabéja-béja. Jadi ngabring salembur. Mimitina ukur tangkal laleutik. Tungtungna aya nu nuar kai keur piimaheun. Poho kana pamali.
Kardi keur jongjon ngarit basa ujug-ujug gajleng monyét ka hareupeun. Reuwas lain dikieuna. Si monyét runyah-rényoh. Digebahkeun téh, jleng kana rungkun. Ditempoan euweuh teuing ka mana inditna.
"Kunyuk téh. Ngareureuwas," Kardi ngutruk. Tuluy ngarit deui.
Gajleng-gajleng. Monyét aya limana tingarajleng. Tuluy ngarényohan. Kardi ngagebah. Ukur mundur saeutik. Tuluy maju ngadeukeutan bari disarada tingaruk-uk. Kardi ngulangkeun arit. Ditongtak ku monyét nu pangdeukeutna. Cleng arit kana rungkun.
"Tuluuung..," Kardi ngagero. Leuweung simpé.
Gentak malik. Lumpat notog- notogkeun manéh. Séak gajleng, monyét ngarontok. Geblug. Kardi kokoséhan. Rob dihurup ku monyét-monyét. Ngarégélan, ngerewes kana suku jeung leungeun. Kardi budag-badug. Gurinjal hudang. Maksakeun lumpat. Getih ulaweran tina sirah nu digégél. Sora uk-ukan beuki sahéng. Gajleng-gajleng monyét ka hareupeun, ka tukangeun. Ngarempug aya puluhna. Monyét beuki ngangseg. Kardi soak kacida. Ngayekyek. Calana baseuh bau hangseur. Gajleng monyét nu panggedéna ngarontok. Gewewek.
"Aaaaaahhhh...!"
Gebru. Jlung-jleng kabéh monyét ngagabrug. Ngégél. Ngorowot. Geus teu bisa babadug.
Nu panungtung katempo ku Kardi ratusan monyét tingaruk-uk dina tangkal. Tingarajleng muru lembur manéhna. Les.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya