Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nyaba

Rabu, 15 Juni 2016

BALIK jumaahan, sup ka imah. Langsung kana sangu. Ni’mat naker. Satutasna, langsung lalangkarakan dina korsi. Bari ngahérang dibaturan ku pamajikan nu ngan hiji-hijina. Duka timana mimitina. Ujug-ujug geleser jantung naék kana tikoro. Rey awak tingsariak. Késang tiis ngadadak minuhan suku. Leuh ning lain késang. Asa dikeueum dina és suku téh. Biwir ngadadak heurin ku létah. Allahu Akbar! Ayeuna kitu ieu ruh téh bakal disapihna tina raga? Hanjakal teu kendat nyambat asma Anjeun! Lafadz Allah teu bisa dilisankeun. Létah ngadadak heuras. Biwir ogé siga nu dikonci. Sababaraha detik. Bray aya cahya ngaburinyay sajorélat. Sup kana embun-embunan. Cahya téh siga nu ngaping haté. Buru-buru ngucapkeun lafadz Allah. Bisa. Najan ngan dina haté. Lisan mah keukeuh teu bisa ka luar. Panon nyoba dibeuntakeun. Bréh pamajikan kéncaeun bari nanangkeup awak. Si Cikal keur sideku bari nyiuman suku. Duanana ngageunggeuik. “Kunaon Abah téh?” méh bareng. Kuring ngan bisa godeg. Teu apal.*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya