Nu Nyimpang
KEUR anteng ngahuhuleng, nyérangkeun haseup roko nu nyerebung dipuntangan rupaning kabingung. Kareungeu sora mobil asup ka pakarangan. Paling nu rék nyérpis. Geus aya nu ngurusna.
“Kakang!” Gebeg, haseup kateleg. Nu imut hareupeun, pashmina beureumna katebak angin tina jandéla. Nyampeurkeun, celengok kana dampal leungeun. Laju ngantelkeun pipina kénca katuhu. Ngusapan kana tonggong. Karasa geugeut sonona.
“Damang?” Tanyana. Gék dina korsi. Némbalan aga-eugeu, teu sangka nu keur diimpleng ngajanggélék hareupeun. Asa beuki manis. Bagja nu ngapimilikna. Lalaki pilihan kulawargana.
Nu ngadongéng bangun gumbira. Aub dina komunitas seni cenah. Keur ngubaran sungkawa.
“Ngahaja nyimpang, mupus hariwang sieun Kakang kumaonam. Dua taun teu dugi wartosna.” Rangu seurina, rindat panonna, obah awakna. Siksaan nu milaraan kacida. Hayang ngarangkul, hayang ngambung buukna siga baheula. Basa can diiwat ku takdirna.
Méméh asup kana mobil, nangkeup bari ngaharéwos. “Antosan....”
Cika-cika dina teuteupna patingkalayang. Jangjangna rosa ngapungkeun implengan kana puncer harepan.*
Tiktik Rusyani - kisuta.com


