Dongéng Dongéngék
AYA hiji peucang, hayangeun nyandung. Nyarita wé ka kuya, rék ménta bongbolongan. Jih, ulah ka kula atuh nanyakeun perkara kitu mah, ceuk kuya. Kuduna gé nanyana ka monyét. Los waé peucang téh nepungan monyét. Hayang nyandung, nyah, ceuk monyét. Kabeneran atuh, aya nu hayangeun dicandung. Laju peucang dituduhkeun ka leuweung. Panggih jeung merak. Peucang kasengsrem, tapi merak téh embungeun dicandung. Tah di beulah dinya geura nu hayangeun dicandung mah, ceuk merak. Peucang indit deui. Panggih jeung badak, tapi peucang teu sanggupeun, da sieuneun ku gedéna. Panggih deui jeung buhaya. Jeung kuda. Jeung puyuh. Jeung peusing. Jeung munding. Jeung kararanggé. Jeung undur-undur, Jeung paninggaran. Humayua siah, maké hayang nyandung sagala, ceuk paninggaran. Déwék gé boga bedil sadua-dua teu hayang nyandung. Anggursi sakola sing bener. Sing meunang ijasah. Sing jadi walikota. Tah ayeuna peucang téh geus bisaeun nulis. Tuh geuning keur diajar nyieun fikmin, judulna lalakon nyandung.*
Tatang Sumarsono - kisuta.com


