Saritem Méméh Puasa
UKUR sababaraha kali gorowok. Rob, Bi Ani geus dirariung.
“Mana pesenan abi, Ibi?” tanya Sinta. Dicalana hotpen.
“Euleuh, Néng Sinta...modél Marsanda mah teu acan aya. Da nuju usum sahrinian ayeuna mah...”
“Ah, Si Ibi mah...upami aya mah énggal candak ka dieu nya, Bi!”
“Mangga, Néng...ke ari Néng Snta iraha uihna?”
“Kaping dua genep..”
“Naha euy, balik téh mandeurikeun?” tanya Déwi nu ditiung anduk kénéh.
“Mas Jojo rencanana rék ka dieu. Manéhna kamari nga-SMS. Omat cenah rék nyimpang heula ka dieu, méméh ka Jawa.”
“Oh...lumayan atuh, nya?”
Jul-jol nu séjén, Pakéan muslim Bi Ani ngan saréak. Sawaréh teu kaladangan. Loba nu paresen modél. Maranéhna kudu balik méméh puasa. Saruka bungah mawa oleh-oleh keur kulawarga. Utamana pakéan keur kolot jeung dulur-dulurna. Kaasup Sinta, nu ngudag paleuleuwih. Geus puguhing oléh-oléh nu biasa dibawa unggal puasa mah. Teu ku hanteu tuda, kolotna bet hayang umroh.*
Rudi Riadi - kisuta.com


