Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Ngajaul

Selasa, 21 Juni 2016

TEU kuateun. Mireungeuh nu saban peuting humandeuar. Lalangit kamarna geuneuk tapak nyayang haseup roko. Gelas numpuk. Cakcak rapang, ngabebengkang dina gegedoh kopi. Map lamaran. Bacacar. Hak sapatuna geus dempes. Balas dipaké leuleumpangan. “Deudeuh teuing, Sujang..., ari kudu maké leuleueur mah. Heueuh, apan batan sakieu!” pokna. Lumengis. Laju muru pangsujudan. Sidakep sinuku tunggal. Sajadah juuh.
Sapanejana tinekanan. Kabiruyungan. Si Sujang jadi sinatria. Nyandingkeun Srikandi kota. Ngajaul. Ucang-ucang dina korsi kahirupan. Ngampleng.
Sok lolondokan. Milemburan. Masang pitapak geusan manjangkeun harepanana. Jog anjog ngaliwatan hiji imah nu geus doyong. Aya nu keur ngawaskeun tina liang konci. Panonna beueus.
Ganti taun. Aya waruga kanyos. Humaregung dirurub tumpukan koran. Nu pinuh ku warta ngeunaan dirina.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya