Sastra & Humor
Fikmin
Ningnang
Rabu, 22 Juni 2016
KECAP-KECAP ronom. Nalikung diri. Harepan nu disidem. Ngombak banyu dina kongkolak. Kapahung dina lulurung kalbu. Ngajadi simpé. ”Mun hayang nepi kana udagan, sing sabar, sing tenang. Yap, Cu...urang ngajugjug hiji nagri nu éndah, kampung mulya, kampung kabagjaan. Loba nu hayang anjog, tapi kandeg. Putus di tengah jalan. Teu loba nu baris nepi. Jalan panjang nu tarahal. Pinuh ku cucuk rungkang. Jurang jungkrang nu lungkawing. Nété tarajé, nincak hambalan. Nété séngkéd pangharepan. Pait peuheur nu siga mamanis. Ngan nu sabar tur tawekal baris nepi. Sigep, saregep, mun anjeun tikoséwad. Gasik hudang. Hayu Cu, urang ngadeuheus kanu gaduhna...” Dina simpé ngagalura. Simpé ratuning simpé.*
Yanti Sri Budiarti - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


