Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Ngahudangkeun Saur

Rabu, 22 Juni 2016

DUG DUG-DUG DUG. Saur-saur-saur…! Unggal janari leutik tilok kaliwat, kadéngé ti jalan. Nu ngobrog. Asa ngabantu jasa, najan garieung. Kahudangkeun tibra.
Peuting éta mah béda. Lain mantékan bedug, teuin nanaonan, ja sing jelengéng Takbir, doang nu ngabeluk jeung Yalil. Kapeung aya nu nyeuleuweung, sada nu ngajerit kanyenyerian, laju nyikikik saleuseurian. Doang biasa, kula tilok hayang neuleu. Jojong baé.
Peutingna deui, balik deui. Nu ngobrog kadéngé mantékan bedug deui. Panasaran, laju nolol tina jandéla. “Ari kamari, ngalagu naeun dararia céng?” ngajorowok. “Kamari mah peré Bah, kami kabangblasan héés!” jarojong liwat. Gebeg, naha saha ari kamari? Ceuk haté.
Isukna panasaran, ditatanyakeun ka tatangga. “Har… kapan kamari mah, Abah di rumah sakit kapiuhan.”
Peuting ieu, malem ka-salikur puasa, kadéngé deui nu sing jelengéng Takbir, nu sing jarerit, nu sing salegruk. “Tong dihudangkeun nya Ambu, Abah deuk Takbiran di ditu! Allohu Akbar…” Les. Unggal janari tilok kaliwat, sok ngahudangkeun saur.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya