Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Girimis Kaheman

Kamis, 23 Juni 2016

PRAS PRIS girimis pasosoré mirig galura nu rohaka motah dina jero dada, nyaliksik kana rasa jeung pikir. Rét, ka sagédéngeun, rarayna marahmay dipasieup gelenyu imut jeung teuteup nu éndah lir béntang timur. Girimis pasosoré beuki kerep, ngaririncik ngawincik haté nu keur gumulung ku rasa kahéman. Dumadak, aya nu béda tina carita basajan. Ngapung lain pédah boga jangjang, tapi teuteup salira nu mawa haté kumalayang apung-apungan. Mapag cinta jeung bagja dina kerepna girimis kahéman.*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya