Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Beunghar

Sabtu, 25 Juni 2016

BARUDAK santri kumpul di téras Masjid. Nunggu magrib. Ngalobrolkeun acara tipi. Ampir kabéh tipi, boga acara babancian. Aya selebritis bisa beunghar kulantaran babancian. “Uing mah hayang téréh beunghar, teu nanaon babancian ogé.” Ibro nyelengkeung. Jung nangtung, metakeun kalakuan banci. Ger, saleuseurian. Teu kanyahoan, aya nu uluk salam. Mama Sastra. Jep, jempé, saperti gaang katincak. “Ngobrolkeun naon, mani ramé kitu!” Saur Mama Sastra. “Éta Mama, Ibro hoyong beunghar, wios saurna janten banci ogé.” Ceuk Ohim. “Mama, abdi téh tos lulus ti aliyah, badé kuliah teu gaduh waragadna. Asa pangmiskinna sadunya abdi mah.” Ibro mairan. “Mama boga balong, loba laukna. Sok tukeuran jeung nu dipiboga Ibro. Sanggup?” “Pan abdi mah teu gaduh nanaon Mama, kedah ditukeuran ku naon?” “Bener Ibro teu boga nanaon? Pan éta boga suku. Sok ku Mama éta suku diragaji keur nukeuran balong Mama.” Santri tarungkul. “Enya geuning uing téh beunghar.” Gerentes Ibro.*

Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya