Laki Rabi
MATAK kageuing ati. Mireng sora manéhna keur ngaji. Lekoh dina lagam bayati. Peuting sasari. Peuting walagri. Peuting pinuh ku kasurti. Jongjon ngahéphép dina dipan pangsaréan. Ngabandungan ayat demi ayat nu niruk lelembutan. Babarengan diajar ngaji baheula téh. Ngan manéhna mah hatamna aya ku téréh. Sedeng kuring, asa teu ingkah waé. Weléh. Di dinya-dinya kénéh. Pleng wé harita mah, amprok-amprok salapan bulan katukang. Kabiruyungan bet tuluy diparengkeun hirup sagulung-sagalang. Ngeukeuhan kasadrah. Numatak rumah tangga téh beuki dieu asa beuki betah.
Bray, mukenana dibuka. Bati ngalenyap nyeueung gurilap pundukna. Arang langka atuda. Mun geus kitu, haté sok kekejotan. Ragamang. Leungeun ngaringkang. Mimitina mah kana taktak nu molototan. Manéhna teu ngarenjag deui. Kawas peuting-peuting mimiti. Atawa laju nginghak, nyasaak ieu haté nu geus bohak. Ngadon ngeluk wé ayeuna mah. Bangun genah. Kari ieu panon nu keukeureunceuman. Neuteup nu ébréh dina pundukna. Pulas warna nu méh-méhan pareum. Tato kembang ros beureum.*
Asep Komara - kisuta.com


