Dulang Pusaka
PRANG! Piring peupeus ditingkahan ku sora nu nginghak. “Cenah rék satia, moal midua.. Nyatana?” Prang! Nu pru-pré beuki ramé. Salakina teu ieuh nyarék. Panonna teu ngiceup-ngiceup nempokeun tipi nu keukeureudeupan. “Ieung… Na teu inget basa kakara ngumbara, saha nu geus daék maturan tunggara? Bet luli ka purwadaksiii...!” Nu ambek tuluy ngahinghing. Salakina ngalieuk ka lebah dapur. Prang! Gelas, mangkok, lodor, narungtutan dibalang-balangkeun. “Lah, boa-boa…” haténa guligah basa leungeun pamajikanana ngaragamang kana dulang. Geuwat manéhna cengkat. “Ulah nyai…! Poma ulah nu éta! Pan éta mah dulang pusaka..!” pokna bangun nu reuwas kacida. Dumadak simpé. Nu dicarék neuteup seukeut. Beungeutna geuneuk. Nyéh seuri ipis. Lalaunan neundeun dulang dina ubin. Clé ditincak. Salakina mata simeuteun. Hiung, dulang mimiti muter. Lalaunan ngarubakan. Beuki lila beuki uleng. Lampuna tingburinyay. “Nyaii… Rék kamanaa…?” Salakina nyorowok. Nu ditanya teu riuk-riuk. “Hampura. Kami rék titirah ka sarakan. Nitip si bungsu!” pokna teugeug saméméh eta dulang ngabelesat. Nobros suhunan. Ilang dina poékna jomantara.*
Shohiba Nu'man - kisuta.com


