Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Carpon

Wadal Citumang

Senin, 27 Juni 2016

SORA curug ngaguruh. Akar tangkal samida jeung rasamala nanceb lir muntangan batu anu baradag. Tangkal kaso jeung jeungjing ngeuyeuban éta patempatan. Daunna anu geus gararing maruragan. Usum halodo ongkoh. Areuyna geus carucukan. Bangun nu liat. Babatuan sareukeut katincak ku dampal suku meni jéjérétéan. Hawa tiis matak geueuman. Cahaya matapoe ngan saukur nyieun garis norobos sela-sela tangkal anu parepek jarangkung marelung. Ka jalma nu kanyutna dina punduk mah mantak tibuburanjat. Sieun. Sora manuk leuweung silih senggak. Tonggérét ngését jangjangna. Pacikrak silih senggak. Kabéh tonggohna aya liang cai jiga guha. Teuing ti mana datangna éta cinyusu téh. Cai leuwi téh hérang ngagenclang. Nyemu héjo. Ceuk taksiran mah jero. Nu matak kudu maké pelampung mun seg rék ngojay téh. Lain joré-joré. Nyes hareupeun batu anu laleueur téh kuring ngajeburkeun karep maké tambang dadung nu ditalikeun kana dahan kai waru.
Gujubar! Awak kuring nutug leuwi.
Bari ngojay neumbragan cai anu ngaguludag. Barang ngadeukeutan kana batu ampar, karasa hawa tiis anu nyaliara ngipasan beungeut kuring. Asa kadéngé sora ti beulah kénca aya nu ngomong. Teu nginjeum ceuli atra pisan kana haté ngagerentesna.
‘’Dibedol siah ku aing cokorna!’’
‘’Kop ari wani mah, kenyang aing!’’ témbal kuring bari laju ngojay ka sisi.
Teu lila kalacat hanjat. Bari rada muriding bulu punduk. Derekdek ngomong ka babaturan.
‘’Ih Ang, boa-boa dedemit di ieu tempat. Baheula mah angker da,’’ceuk Si Goyang.
‘’Kunaon kitu?’’
‘’Aya tamu nu keur ngojay di leuwi Citumang. Teuing ti mana datangna aya kai ninggang sirah éta jalma nepika bencar. Cenah mah éta téh tumbal kanu ngageugeuh ieu patempatan.’’
‘’Lah! Sok lahuta….Éta mah geus papastén tinu Maha Kawasa. Siluman mah euweuh pakuat-pakaitna jeung ajalna manusa. Pahang tulang pait getih Aang mah. Moal teurak diwadalkeun….Hahahaha….’’ Kuring ngagebés rada sompral saeutik. ’’Menggeus urang sholat arukmanan. Panonpoé geus maju ngulon. Wanci Asar lin?’’
‘’Muhun Ang,’’ walon si Goyang bari ngiclik nuturkeun ti tukang. Paromana jiga nu pias ngadéngé kuring nu teu sieun ku begig Citumang.
Naon nu dipikagimir atuh. Apan karuhun téh ti Galuh. Numutkeun sajarahna, Galuh téh urang cai. Jalma nu caricing di deukeut beungeut cai. Mun Sunda urang leuweung da caricingna di leuweung geledegan hirup ku cara ngahuma. Nu matak aya dongéng sakadang monyét jeung sakadang kuya. Éta téh mertélakeun dua sub-suku di Tatar Pasundan; Sunda—Galuh. Ceuk kolot, urang Galuh mun maot sok dilarung (dipalidkeun) ka wahangan. Siloka urang Galuh mah nyaéta buhaya bodas, lamun Sunda apan lodaya.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya