Jubah
"KASOMBONGAN téh jubah Alloh. Sing saha jelemana nu wani maké, jahanam bagéanana." Saur Sultan Bonang.
"Pangapunten Sultan, kasombongan Trenggono kedah dilawan ku kasombongan." Walon Syéh Siti Jenar ajrih.
Belesur! Réwuan jamparing nanceb kana jajantung. Boa aing Trenggono. Nu tingkecewis saban ngangkat dua leungeun. Dua puluh tujuh tikel. Nu humaréwos unggal nahan lapar. Panto naraka ditutup. Kalan-kalan ngitung pangasih. Tujuh ratus lipet.
Geuning aing nu maké jubah téh? Paingan unggal detik getih tingjarerit. Urat tibuburanjat hayang ngejat.
Naha enya pantar aing wani-wani punta-penta? Tuh dina hikayat!
"Gusti, tos lima ratus taun abdi ibadah. Naon bagéan abdi?"
"Naraka pikeun anjeun!"
Nu ibadah lima ratus taun ukur nampa bebendon. Ari aing? Naha tikel lipet nu dipikiran? Naha teu sadrah? Tumampi kana dawuh, ukur seja ngalaksanakeun paréntah. Kadituna nyanggakeun sadaya-daya.
"Titip, Syéh. Sakur nu diucapkeun, disiarkeun, dida'wahkeun, éta sadayana ciri diri." Sultan Bonang ngetrukeun iteukna. Laju napak sirotolmustaqim.*
Dadah Hidayat - kisuta.com


