Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nineung

Selasa, 28 Juni 2016

TINA hujan kana hujan. Kadang tina ngeprisna girimis kana simpe nu tiis. Anjeun bulak-balik ayun-ayunan na lebahing dada pangjerona. "Sanes pedah aya hinis nu nurih. Sanes pedah aya ungkara nu matak peurih, kang," ceuk anjeun harita, basa lengkah digugusur nuturkeun pinasti. "Akang surti, geulis. Da soca salira tos ngawartoskeun sagalana."
Sagara misahkeun raga. Alam oge misahkeun sukma, tapi hate lawung wae. "Dangdaunan nu oyag ku hiurna angin, ngaharewoskeun beja ti langit, geulis. Majar jaga mah urang duaan bakal ngarendeng. Jadi bentang nu mapaesan peuting."
Lamunan tuluy manjang. Jadi cahaya nu mapay unggal huruf dina tetengger anjeun.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya