Sastra & Humor
Fikmin
Du'a Nu Diijabah
Rabu, 29 Juni 2016
NGAHERUK hareupeun Ka'bah. "Nun Gusti, abdi mung nyuhunkeun tilu pamunut! Kahiji, mun padamelan ayeuna teu saluyu jeung ridho Gusti, mugia abdi énggal-énggal dipecat. Kadua, upami rezeki abdi ngalantarankeun jauh ti Gusti, énggal geura candak deui. Katilu, abdi nyuhunkeun katurunan cekap tilu waé." Rérés ngadu'a aya nu nga-Aamiinkeun. Halon sorana. Balik ka lembur, karék saminggu dina meja gawé-na, geus ngajagrag surat pamecatan manéhna. Dipitnah babaturanna. Geus dipecat laju muka usaha. Maju pisan usahana. Katipu ku inohong ti bogor. Katipu bébéakan, meuli béas gé nepi ka nganjuk ngahutang. Peuting-peuting pamajikana ngaharewos. "Akang, abdi nuju ngandeg." Manehna sujud sukur, du'ana tiluanana diijabah...*
Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


