Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Carpon

Adi‬ Patétéréan

Rabu, 29 Juni 2016

"WAN, urang ka alun-alun, yu. Aya tukang sulap mamawa bonéka, siah. Bisa ngomong ceuk si Aa gé. Hayu," ceuk Kokom bari ngabebetot leungeun.
"Teu boga duit keur meuli karcisna urang mah atuh. Tuh ngajakan si Bango wéh. Loba duitna manéhna mah. Meunang panyecep basa disunatan."
Enya, atuda boro-boro keur nongton sulap, sakalieun ménta duit keur jajan gulali gé pan sok kalah dipolototan ku Embi.
Teu cara si Bango. Sakali ka warung téh rébo mawa jajanan rupa-rupa. Matak kabita jeung rada nyelekit kana haté. Da lamun Ema aya kénéh mah, Bapa moal kawin deui ka Embi. Nu rébo mawa jajanan téh meureun moal si Bango. Duit panyecep téh meureun moal jadi milik si Bango kabéhanana.
"Naon, Kom, manéh hayang nongton sulap? Hayu atuh jeung urang. Yeuh.. duit urang mah loba," cenah bari ngabéngbréngkeun duit rébuan sababaraha lambar.
Kokom ceuleugeug nempo duit loba. Nyéh imut bari gumeulis.
"Hayu atuh, Sép. Kokom pangmeulikeun karcisna nya."
Jung arindit duaan. Teu nolih deui ka kuring. Meg aya nu nyentug kana haté.
Nalangsa kacida. Kokom téh minangka sobat pangdalitna. Tapi ngan ukur pédah kabongroy nongton, meni teu paduli deui.
"Wan...," Embi ngageroan tina tepas. Rék barang titah biasana mah. Enya wae.
"Cing pangmeulikeun bako keur Bapa manéh ka toko hareupeun alun-alun. Ulah ulin heula."
Sor duit. Dipas sabungkuseun bako. Daun jagongna mah aya kénéh sabebed di imah. Tara aya leuwihna lamun nitah balanja téh. Sieun dipaké jajan meureun.
Poé keur meujeuhna mentrang-mentring, tapi di alun-alun noyék jelema. Teu kolot teu budak, rék lalajo sulap. Kabita nakeranan. Rét kana duit keur meuli bako. Rét kana lawang ténda tukang sulap. Ras kana bolototna Embi lamun keur ambek, jeung peureusna sapu nyéré kana bitis.
Sup wé ka toko bako. Meuli sabungkus. Song duit paméré Embi ka Pa Soma. Nyéh pa Soma imut. Song bungkus bako jeung peremén dua siki. "Yeuh keur Wawan. Sakuan nya. Bisi murag," cenah. Duh bungah nakeranan.
"Hatur nuhun, Pa,"cekéng bari ngadégdég bakat ku atoh. Geus mangalam-alam teu ngasaan peremén saprak euweuh Ema.
Kaluar ti toko, buru-buru dibuka hiji. Wel. Duh meni nikmat kacida. Amisna, haseumna, seungitna nyerep kana haté.
"Keur ngadahar naon manéh Wawan," teu kanyahoan Si Bango geus nangtung tukangeun.
"Peremén, nya? Meunang ti mana siah? Maok nu urang nyah? Balikeun siah. Lamun henteu dibéjakeun siah ka Ema."
"Naon ieu mah paméré ti Pa Soma," bari leungeun kontan ngahalangan saku.
Si Bango nongtak leungeun. Sup leungeunna kana saku. Peremén nu ngan hiji-hijina deui téh dicokot. Wel dihuapkeun. Padahal katempo sakuna merekis ku dahareun.
Piceurikeun nyelek kana tikoro. Ditahan sakuatna. Belenyeng balik. Song bako ka Bapa. Tuluy wé ka cai. Ngadon wudu bari ceurik eueuriheun nyambat Ema.
Sanggeus bérés sholat ashar, gep kana arit. Léos ka tegalan. Ngala jukut bari mapalérkeun kakeuheul. Magrib teu sholat di imah. Ti tegalan téh langsung wé ka tajug ngadon mandi di paragi wudu. Ngilu berjamaah jeung kolot. Tuluy ngaji nepi ka isya.
Balik ka imah, Si Bango can nyampak. Embi curinghak nempo kuring balik téh. Kaciri pisan hanjeluna barang nyaho kuring ngan nyorangan.
"Mana Asép, Wan?" tanya Bapa.
"Duka atuh, Pa. Da abdi mah wangsul ti tajug. Teu pendak ti siang ogé."
"Na atuh ari manéh. Lain ngasuh ka adi téh. Iinditan sosoranganan waé da manéh mah," ceuk Embi néngtéréwélang. Geus hayang sagep-gepeun jigana kana sapu nyéré. Ngan teu wanieun ari aya Bapa mah.
"Hayu Wan, urang téangan," ceuk Bapa bari nyokot batré.
Nepi ka peuting pisan néangan Si Bango, ka tempat-tempat nu sok dipaké ulinna. Nananyakeun ka babaturanana. Lebeng.
"Urang lapor ka Érwé," ceuk Bapa. "Jung wé kétang Wawan mah balik. Geus peuting teuing."
Teu wani balik. Sieun ku Embi. Tungtungna mah diuk di pos ronda. Teu lila kurunyung Pa Érwé jeung Bapa. Dituturkeun ku Mang Aca Hansip.
"Har Wawan, keur naon di dieu kénéh?" Bapa reuwaseun. Mang Aca nakol kohkol dititirkeun. Rob sakur kolot lalaki
kalaluar sapakarang-sapakarangna. Kumpul ngadéngékeun pa Érwé. Tuluy mencar jadi sababaraha rombongan néangan Si Bango.
Parat nepi ka subuh teu kapanggih.
Isukna di alun-alun gempar. Aya nu manggihan baju budak lalaki. Sararoék jeung pinuh ku getih garing.
"Gustiii. Geuning éta mah baju si Asép. Asééép, ka mana atuh manéh téh. Bet téga ninggalkeun indung," Embi ngagoak tuluy midangdam.
Teu kungsi kapanggih Si Bangona mah. Kitu deui raratan nu ngarogahala atawa nu nyulikna. Teuing kumaha nasibna.
Ti harita Embi jadi langlang-lingling. Sakapeung ceurik auk-aukan midangdam sapeupeuting. Sakapeung ngahuleng teu beunang ditanya. Ngajubleg.
Dua bulan ti dinya, ku Bapa ditalak. Kuring ku Bapa dibawa meuntas ka Sumatra. Ngadon transmigrasi. Bapa kawin deui ka Ceu Tinah. Anak tatangga di Sumatra. Randa ngora teu boga anak ieu mah, teu cara Embi. Bageur deuih Ceu Tinah mah. Ka kuring kacida nyaahna. Cara Ema baheula.
"Wan, aya sulap di Kacamatan. Urang ka ditu yu. Hayang nongton Euceu mah. Duaan wé mun Bapa embungeun mah."
Puguh atuh haget. Ngajakan Bapa. Jiga nu haroréam.
"Jung wé lah duaan. Atawa ajakan Ki Saca."
Tungtungna mah tiluan nongton téh jeung bapana Ceu Tinah.
Nyaan matak pogot. Tukang sulapna bisaan. Loba nu pikaahéngeun. Panungtung ngaluarkeun bonéka. Si Dakocan cenah. Tuluy ngobrol. Meni jiga nu enya bisa ngomong si Dakocanna téh.
"Sekarang kita panggil teman kita, Dodo...,"ceuk si Dakocan. Jol pembantu tukang sulap mawa bonéka hiji deui.
Gebeg. Rupa bonéka téh teu dipiceun sasieur ti Si Bango. Adi téré nu baheula leungit téa. Ngan pédah ieu mah leutik. Ilaharna bonéka. Barang ngomong téh sorana gé nyeples.
Teu ngadongéng ka Ceu Tinah jeung Ki Saca mah. Da moal apaleun. Ngan nepi ka imah langsung aléwoh ka Bapa.
"Persis pisan Si Bango. Éh, Asép, Pa. Sorana gé persis."
Bapa imut.
"Matakna Wawan mah sing angger bageur nya. Ulah sok rerebut kana peremén nu batur, ulah nurutan si Asép," témbal Bapa bari ngusapan bangun deudeuh kacida.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya