Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Jual Dedet

Kamis, 30 Juni 2016

JLUG-JLEG lapak anyar. Sapanjang jalan liliwatan. Mapag pésta rayat nu tara taun kali. Sarua nu dijualna, sarua nu rék balanjana. Béda ukur cara ngolo-ngolo nu can boga tangtungan. "Sarébu tilu ... sarébu tilu," tukang salak gogorowokan. Badag, beuneur pikabitaeun. Nu ngarérét dikaél. Diajak cingogo sina milih. Song diasongan beunang mesék. "Raosan. Amis, seger." Nu kéképéhan teu dipaliré. Hantem diasong-asong sirikna teu dihuapan. Antukna éléh déét, bari kutuk gendeng.
Teu tukang buah teu tukang sendal, kitu deui nu jualan sajadah. Poho kana tata-titi étika buniaga. Satengah maksa. Cagap rampas cék kacapangan budak baheula mah. Nu anteng dina cara karuhun ukur Ma Unah tukang surabi nu mangkal lebah péngkolan ka pakemitan. Turun subuh. Geus pada ngarubung ti barang ngahurungkeun seuneu, dina hawu batu. Pada muru pada nunggu bari siduru. Wanci haneut moyan geus lekasan. Bati sakadar tamba, cukup keur meuli rongsokan. Sugema saréréa.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya