Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

The Power of Giving

Jumat, 1 Juli 2016

MAJAR teu pédé rék mudik téh. Teu boga bekelna. Malum ladang gawé teu sabaraha, keur sorangan gé mimindengna mah teu cukup. Tapi kasono ka emana teu kaampeuh. Rap baju, jékét, kaos kaki nu soéh palebah jempolna. Sapatu meunang ngesol. Cur ngeusian botol. Dompét lépét, eusina sésa ladang ngenékan Mang Juman. Jas hujan. Hélm. Clak kana bektuna.
"Sodakohna, Cép...!" Sora aki-aki semu ngageter. Leumpangna rumanggieung. Ras ka abahna . Eusi lokét Jang Dana pindah sawaréh kana dampal leungeun si aki. Teuteupna tumarima. Duit dikeupeul, diteueulkeun kana dadana bari rambisak.
Bismillah, geuleuyeung muru ka lembur. Jedak! Blak, panto mobil boks lésot koncina. Barang dagangan mancawura. Milu cakah-cikih heula. Nu ditulungan ngeupeulan, males kahéman. Eureun di réstoran, nyanghareupan nu rawah-riwih kaseglong baso. Lahlahan dirojok ku curukna. Salamet. Nu nganuhunkeun nyesepkeun lambaran kana pésakna. Anjog ka lembur. Haté sugema. Lugina mekelan indung bapana.*

Teti Taryani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya