Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Japati

Sabtu, 2 Juli 2016

JAPATI sajodo silihsaliksik luhureun suhunan. Buluna katumbiri. Tingburilak nembus diménsi rasa. Cinta pelak lauhil mahpud tumuwuh buburinyayan. Dina wadah asih jeung satia. Tempat nu paling merenah pikeun nyecebkeun akar tugas jeung kawajiban sanggeus ikrar.
Haté sumérédét. Kamulyaan muguran. Kaanginan jangjang japati nu hiber babarengan. Ngapak mega silihriksa.
"Pah, Mamah tos uih teu acan?"
Hiji ungkara jadi balati saban layung surup. Teu bisa dijawab, sabab kahalangan pepedut nu jolna ti gunung kidul.
"Sabar, geulis. Engké gé uih."
Kamari, basa layar papanggungan aya nu nyingkabkeun, carita obah galurna. Nyi Putri pindah tampian. Ngebak, ngojay, terus silanglang.
"Pah, geuning Mamah téh teu uih waé?"
Bulan katilu, japati mimiti endogan. Disirekeman babarengan nepi ka megarna. Piyik dikeukeupan dihuapan. Waktuna ngahiberkeun diaping ku duaan.*

Dadah Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya