Tetengger
CUNGCUING. Ngelak deui. Kumarayap kana rampidak caringin. Rerekah samoja. Hanjuang. Mangpirang tetengger. Amayak rampé. Katut taneuh beureum nu haben diguar jeung dikaluat. Di antara rénghap balébat jeung teuteup sareupna. Manéhna. Maneuh ngagecruk. Marengan saréwu ngaran saru. Sarta saban titimangsa nu ngagedat dina jajantung. “Abah sia, arék nepi ka iraha mulak-malik taneuh beureum? Batingéling, pangaji teu mahi jang daah!” Sora pamajikanna. Ngararas dina ingetan. Bareng jeung anakna nu lawas nilar. “Hampura, lain teu ngaragap haté manéh, Sim. Wayahna bé, kuburan pamajikan jeung anak manéh kudu dipindahkeun. Tanahna geus dibeuli ku Si Engko.” Sora kuwu. Niruk kalbu. Sora nu nganteur leungeunna ngoréh deui tulang-taléng kulawargana. Nu nepi ka kiwari masih kénéh dikarungan. Taya lahan pikeun ngurugan. Manéhna. Maneuh ngagecruk. “Sim, makam handapeun caringin wayahna pindahkeun. Ka mana bé, da geus euweuh ahliwarisna ieuh. Isukan rék dipaké makam urang kota.” Deui-deui sora kuwu. Tapi Manéhna. Terus ngagecruk. Lalaunan. Mayit kakoréh. Bréh. Rorongkong ragana sorangan.*
Ari Andriansyah - kisuta.com


