Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Sajak

Sajak Itungan

Minggu, 3 Juli 2016

Itungan
duh, itungan
teuing geus tepi ka mana
teuing kari sakumaha.
Demi rénghap tuluy ngerepan
sedeng réngkak mingkin ngendoran.
Tungtung waktu
ngalangkang na tungtung teuteupan
pamohalan kaudag, sok komo dieureunkeun.


Sajarah
duh, sajarah
hamo bisa dirobah
nu beureum nu hideung
natrat dina catetan nu mo laas
najan ku ngeueum dina sasagara cipanon
dalah lunta gé catetanna angger natrat


Udagan
duh, udagan
mingkin jauh tina tatapakan
duka iraha boa kahontalna
sedeng ieu jirim
langlang-lingling leungiteun jisim
teu puguh tangtung teu puguh lantung
teu pageuh nyepeng tetekon


Sukur geuning aya kénéh umur
jang ngawincik kamalir wanci nu ngari
jang ngaropéa lambaran mangsa nu nyésa

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya