Lebalan Munggalan Owéh
CEUK wéja nu katalima ku owéh, olang Islam mah galalak. Henteu wisa sambalangan walang dahal, alapik. Itu ieu halalam mun teu malaké du'a ngadahalna. Naha malanéhna alembung ngadahal daging babi nu sakitu ngeunahna? Anéh pisan.
Ayeuna owéh geus ngucapkeun syahadat, asup Islam kalayan kasadalan solangan. Sumfah, euweuh nu maksa. Unggal poé miluan puasa sanajan lipuh kacida. Peutingna talawéhan di masigit, telus diajal ngaji ka Ustad Zalkasih.
Indung, bapa, jeung dulul-dulul teu panuju owéh ngagem agama anyal. Sadayana ngusil owéh ti lolompok, kudu nyingkah. Lami ogé owéh jadi galandangan, cicing ti masigit ka masigit, pipindahan. Alhamdulillah, peuting takbilan ieu owéh geus namatkeun puasa sabulan campleng. Malaikat dalatang, ngucapkeun salam bali nyiuman owéh nu geus taya nyawaan.*
Irman N Dimyatié - kisuta.com


