Akur
"ENGGAL angkat Pa, bilih kawengian, karunya si aceuk bilih ngantosan. Ieu ngawiat bolu keju sareng kueh kasedepna si aceuk. Tong hilap anggo jakétna, bilih lebet angin, ké disangka ku mamah teu diurusanan deuih. Salamkeun baé ka barudak nya! Ke mun tos wayah peré sakola, sina kadarieu, sakantenan si aceukna diajak."
Kuring unggeuk. Celengok nyium kana pipi. Imutna jeung teuteupna nu leleb, milu ngajajap. Geleser mobil leumpang. Nyemprung balik . Dua jam leuwih, karék nepi ka imah téh.
"Mah, tah bolu sareng kueh ti si Nyai," cékéng basa nepi ka tengah imah.
"Euh, si Nyai mah sok riweuh pisan, ari mamah tara sok barang kintun ka si Nyai, jadi isin. Ké ku Mamah ditelpon." Gap kana telepon, tuluy aléwoh, uplek.
Kayungyun pisan, nu kolot jeung nu ngora téh sakitu saroléhna, akrab jeung alakur. Kuring indit ka tepas, ngarasakeun hiliwirna angin, nundutan nepi ka kasaréan dina korsih sopa.
"Omoood, hudang! rék narik moal?" Bapa kuring nolol na panto kamer. Sirahna gogodeg. "Ongkoh cenah hayang kawin, kana gawé ngeleyed pisan!"*
Is Tuning - kisuta.com


