Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Péron

Kamis, 7 Juli 2016

PEUTING kulimis. Lebah péron setasion panunggon geusan maratkeun lalakon. Pangdiukan bangun pageuh ngabaud raga. Teu reureuh ngalieukan. Tapi nu datang saukur ronghéap tangara sulaya. Enya. Di dieu. Asih lawung jeung sumpungna. Karasa kénéh léléncop rémana. “Suci hamo mungpang sepuh...” Cimataan. “Urang bisa lunta jauh...” Taya jawaban.
Teuing pikeun kasabaraha kalina karéta miang jeung mulang. Teuing pikeun kasabaraha kalina ngawedelan wengku kalbu. Tapi katiginan laun-laun ngudar tambalung waktu. “Lamun enya miharti satia, peuting panganténan didagoan di dieu...” Harita. Angger taya jawaban. Kiwari. Nu kasawang ukur jarijina dibeulitan ali meneng. Katut lisan jawaban kapaksa tina léah dirapalan.
Peuting lantis. Karéta datang deui. Sanggeus yakin girimis wungkul ngiberan suwung. Jung. Nangtung. Ngaléngkah moro panto gerbong. Gék. Dina korsi lowong. Sadrah. Ngareuntaskeun sakabéhan. Karéta lunta deui. Gék. Sagigireun. Wanoja dikabaya. Lamokot getih. Humégak. Kusiwel. Kana sakeureut leungeun lalaki semet pigeulang. Maut ali baloboran dina ramona. Laju diasupkeun kana ieu jariji. “Suci baris miharti satia...”*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya