Kasatiaan
BANTAL geus kacida lépétna jeung bau cimata nu mindeng cipruk. Teu kapoé.Hawa kanalangsa kukurilingan sakulibeng kamar.
Kulutrak panto.
"Néng...," halon.
Biwir dibenyéng, sangkan imut. Bantal wadah cimata gancang disumputkeun. Malik neuteup nu ngajanteng. Gagah jeung gandang. Dina setélan jas jeung dasi. Nyurup pisan. Hanjakal bet nguyung.
Gentak disampeurkeun. Ka dua pipina diusapan pinuh ku kadeudeuh. Gep, leungeun kuring dicekelan.
"Bolaykeun we nya?" haréwosna. Neueulkeun ramo-ramo kuring kana dadana nu gumuruh.
"Abdi ikhlas, Akang. Rido..., sumangga geura angkat ku pangjajap kanyaah abdi."
"Naha atuh teu kersa nyarengan?"
"Abdi istri nu gaduh kénéh rasa, sanés malaikat nu suci ati. Wayahna...."
"Kajeun teu gaduh turunan tibatan ngaraheutan Enéng," pokna dareuda.
Hayang teuing ngabedahkeun cimata dina dadana. Tapi pan ieu lalakon téh kuring nu ngajurung-jurung. Bari ituna ikhlas jadi nu ka dua.
Ahirna mufakat. Kuring ngeukeuweuk atina, ragana panganténan di peuntaseun carita. Pikeun sirung-sirung ngora karajaan cinta kuring, Manéhna jeung..., Maru!*
Emalia Ilyas - kisuta.com


