Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Carpon

Duriat nu Nyayang

Sabtu, 9 Juli 2016

‘’NUJU urang sakola agama, apan Aa nu nyerat nami Enin ku hurup Arab geuning. Harita dipiwarang ku Ma Cicih guru Madrasah Diniyah jung saurna ka Ang Endang. Tiasaan kaligrapina.’’

Enin tina jero telpon ngajak Endang nyawang dua puluh taunan katukang basa manéhna karék nincak balég tampélé. Sok sanajan jajaka tanggung, tapi masih kénéh can wantér ka awéwé.

‘’Heuheuy deuh….Karék émut ayeuna mah.’’ Endang bari ngalageday kana sofa.

‘’Ah, tuda Aa mah meni kuat ka sombong.’’ Enin jiga nu ogoan pisan.

‘’Har, kunaon kitu?’’

‘’Kedahna mah surti kana eusi haté Enin. Ayeuna mah nepika ngaruhak kieu, ningali Aa tos rimbitan téh.’’

‘’Baruk? Enin kantos resep kituh ka Aa?’’ Endang semu kerung.

‘’Muhun ngan teu kedal. Duriat nu nyayang. Ngan saukur nyangkaruk dina dada,’’ walon Enin ti béh ditu.

‘’Naha atuh teu ngintun serat atanapi nitip salam ka Nani, atawa ka Ina tatangga Aa?’’

‘’Ih,,,palangsiang dikintun serat ogé waleranana ku rumus Matématika. Da Aa mah kutu buku. Hehehehe….’’

‘’Hahahaha…Aya-aya waé Enin mah.’’ Endang nyeuleukeuteuk kagugu ku obrolan Enin.

Sawangan Endang ngolébat deui ka taun 1995-an basa manéhna pogot kana diajar. Katelahna ogé jajaka Kuper (kurang pergaulan). Éta nu ngirut Enin. Endang béda jeung pamuda séjén nu ngaraligeuh nu ngan hayoh waé gudumbrang-gedembrung saban tas Isya téh. Ti SMP mula Enin geus nendeun harepan. Ceuk Abah Jusén nu jadi Akina, Endang jeung Enin téh masih sakaruhun. Ngan geus pati jauh.

Kiwari, waktu hamo bisa diputerbalikkeun deui. Enin geus rarabi, anakna oge geus tilu. Ninggang di Endang ogé akur. Umur geus 36 taunan. Pamajikan geus dua, anak geus dalapan. Bati ngusap dada ngadéngé Enin béntang lembur Cimurutu bogoh ka manéhna. Ngileng-ngileng deui photo Enin sawatara lila dina fésbuk, taya nu robah. Angger gumuleng geulis. Irung bangir, mata cureuleuk, buuk galing muntang, pakulitan konéng umyang. Atuda puguh waé rancunit, balasteran Cina jeung Sunda.

‘’Aa, omat ieu téh rusiah haté Enin. Dugika anak incu ogé ulah dibocorkeun.’’ Enin nyusul tepus.

‘’Muhun. Iraha atuh cuang kumpul ngariung?’’

‘’Ba’da Rayagung atuh. Kempelkeun sadulur-dulur di bumi Mamah. Pasti ngaliud geura turunan ti Aki Jusen sareng Aki Wikarta téh. Boa tos ngaratus ayeuna mah.’’ Enin mairan.

‘’Palangsiang langkung ti sakitu seueurna. Komo mun nyucruk garis karuhun ti Éyang Kartadisastra, bangunna mah sakampung ieu téh baraya kabéh.’’

‘’Tangtos A. Ngan hanjakal nya, di lembur mah sok sanajan dulur aratah anjang. Jadi wéh pareumeun obor.’’

Obrolan Endang kapegat basa panto imahna aya nu ngetrokan ti luar.

 

                                                 ***

RAYAGUNG taun kamari, kaparengkeun réunian. Diitung aya dua ratus hulu, anak incu buyut bao ti Éyang Kartadisastra. Kapeto kunu haladir, Endang celengkeung biantara. Intina mah tina acara éta kudu ngaraketkeun tali mimitran. Apan sing saha jalma nu manjangkeun tali silaturahmi, pasti rijkina nambahan. Ulah pakia-kia. Komo saborondoyot nepika pagirang-girang tampiyan mah kudu dipahing pisan. Basa Endang pidato, Enin mah ti tatadi neuteup teleb. Panonna jiga nu embung lésot. Lir leugeut nu rapet kana sorot Endang nu semu éra ngabalieur. Kituna mah meureun ngaragangan ka Jang Gandi nu jadi salakina Enin nu jamedud nempo ketak pamajikanana.

Lekasan acara tepang sono, Jang Gandi sirilik nyampeurkeun Endang. Jantung Endang ratug tutunggulan, boa Jang Gandi nu barangasan neguh yén Enin sok neleponan manéhna. Palaur ngagaplok beungeutna. Apan Jang Gandi téh préman Pasar Padahérang nu baluwas buas. Wani maéhan jalma ku hal nu teu sapira. Kungsi ngadéngé béja dirempug ku urang Tunggilis satreuk, Jang Gandi teu cécél bocél. Cacak pulisi ogé taraakeun.

Rada sebér ogé wawanén Endang harita. Neuleu dedegan salaki Enin nu jangkung badag, buuk kribo, beungeut jamotrot, panon gular-giler bolotot badis heulang keur ngincer anak hayam. Gelang bahar ngaringkel dina pigeulangna. Pakulitan geseng jiga jangkrik jaliteng. Batu ali meni rimbil dina ramo-ramona. Péso balati nogél dina calana Jeans nu geus uwak-awik bau ladig. Sok palaur ngan jol gabres wéh éta péso ditujahkeun kana beuteung Endang. Nyéh Endang ngajak seuri bari solongkrong ngajak sasaliman.

‘’Kumaha damang Ang?’’ Endang ngeleter.

‘’Cageur euy.’’ Jang Gandi némbal, sorana simaan lir Gatot Kaca.

Kusiwel Endang ngaluarkeun udud Dji-Sam-Soe tina sakuna.

‘’Badé nyesep Ang?’’ Endang mamandapan.

‘’Mun aya nu ngaganggu usaha, béjakeun ka Aang.’’ Jang Gandi nampanan udud. Endang laju nyekérkeun panékér. Pelenyun udud bangun ngeunah naker.

Plong haté Endang ngemplong. Pamikirna, naha jalma baragajul bisa léah ku roko sabatang. Enin nu reuwas kareureuhnakeun ogé ngiclik tukangeun Jang Gandi. Motor Tigerna diselah, clak Enin numpak dina jok. Biur indit teu amitan heula. Ninggalkeun jalma nu keur ngagelek kénéh. Sawaréh nu araya geus apal kana adat Jang Gandi. Endang nu langka balik ka lembur rada sepa ogé nempo ketakna jiga kitu téh. Pangpangna mah wanoh munggaran ka préman nu boga getih tiis—berdarah dingin téa.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya