Selasa, 1 September 2026
Sastra & Humor
Sajak

Sajak

Minggu, 10 Juli 2016

Sajak téh papalér, kaulik ku nu ngarulik, kausik ku nu usik, kasirep dina ati kabagja diri.
Sajak téh kalimah mandiri, nembres kana ati, ngulinkeun kahirupan, nginum sarina cikahuripan.
Sajak téh ukiran Bali, meulit na ati, mawa ngumbara nyorang alam dunya, pabeulit murilit na jajantung.
Sajak téh mekarna kembang, nyambuang ka awang-awang, ditunda na jero sukma.
Sajak téh hirup nu hurip, ngancik na purwakanti, ngahibaran alam dunya.
Sajak téh bekel keur nu mulang, bekel hirup ka ahérat, bari ngaleukeunan poékna kubur.
Sajak téh nyambuangkeun seungitna ngaran, nyambuangkeun seungitna malati, nyambuangkeun seungitna rasa, nyambuangkeun seungitna sukma, nyambuangkeun seungitna sagala rupa.
Sajak téh eunteung. Kacana dijieun tina inten. Mun rajeun ngeunteung, nu témbong téh lain wujudna wungkul, tapi atra ka jero-jeroning batin.


1983-1993


Rosyid E. Abby – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya