Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lalampahan Simpé

Minggu, 10 Juli 2016

TENGAH peuting. Girimis maseuhan. Rét ka manéhna. Sarérétan. Paadu teuteup. Tungkul deui. Lila-lila ngawani-wani haté, "Badé uih ayeuna? Sareng yu, dijajap." Unggeuk. Rét kanu boga imah, "Kang, abdi pamit. Sinta wios teu kedah dijajap ku akang. Badé sareng abdi uihna." Ngaenyakeun bari ngaomat-omat, sangkan kuring daék nganjang deui.
Sajajalan ukur sora angin nu kadéngé. Seuseut rék nyarita téh. Teuing kunaon, padahal manglaksa kecap ti tadi geus namper na dada lebah kénca. Hayang ngedalkeun resepna kuring kana panonna. Saumur-umur, asa karék manggih teuteup nu siga kitu. Mun dirérét téh, asa liuh. Ngusapan haté.
Ah, handeueul imahna deukeut. "Di payun, A. Nu aya gapura." Manéhna turun. Siga nu asa-asa. Kuring gé teu puguh rasa. Hayang paantel leungeun. Hayang ngarangkul manéhna bari ngabejakeun eusi dada. Ukur ngagupay nu wasana.
Tengah peuting. Mapay-mapay jalan. Girimis masih ngepris. Saparat lampah,nu kapanggih ukur simpé.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya