Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Carpon

Ngabukbak

Senin, 11 Juli 2016

"JON... kapan kau mau pulang?" Kadéngé si Édo gogorowokan ka si Jono.
"Bésok...Aku mau bareng Kang Karman," cenah kadéngé némbalan ti beulah ditu. Teu pati jelas da kasaweur ku sora ngahéangna ragaji mesin. Dorokdok... gubrag tangkal kai sagedé-gedé munding tinggalubrag. Héang sora ragaji mesin beuki maweuh. Ngarecah tangkal jadi sababaraha bagéan. Jep dipaéhan. Tambang pasulabreng kénéh urut nalian tangkal méméh dituar, can dibérésan.
"Gulung dulu,"cekéng téh.
"Bésok aja lah. Lapar ga kuat," témpas si Édo. Gidig ka ténda. Teu lila pelenghir seungit emih instan.
Kurubuk, beuteung ngilu lapar ngangseu emih. Gidig nyusul si Édo. Baé lah sina ku si Jono mérésan tambang mah da tadi geus dahar. Moal waka lapar sugan.
"Mana, Do, masih ada, ngga?"
"Tu masih ada situ," cenah bari ngosom, nunjuk kana panci.
Gék, dekul dahar langsung tina panci.
Jongjon dahar bari ngadéngékeun sora-sora leuweung soré-soré. Sora tongérét pabaur jeung sora séjén nu teu apal.
Di leuweung geledegan mah téréh poék téh. Karék gé wanci asar, geus mimiti turun halimun. Tiris jeung teu pati jelas tetempoan.
"Mana si Jono?" tanya si Édo.
"Heeh ke mana ya? Tumbén dia belom ke sinih. Sanah panggil. Bisi kaburu gelap kituh."
Rada kalékéd dititah kaluar téh, tapi teu burung nurut da najan umur pakokolot supa gé, kuring téh minangka mandorna dina grup ieu. Kabéhna mah aya sapuluh urang, ngan kabeneran keur baralik heula, kari tiluan.
"Jon... Jono..." Kadéngé ngagentraan. Tapi didéngé-déngé téh euweuh némbalan. "Aaah...!"
Jep jempling. Tongérét gé geus teu kadéngé. Ukur sora angin nebak dadaunan.
Gentak cengkat. Lumpat muru sora nu ngagoak.
Rada rumpil lumpat téh, tikakarait kana sésa-sésa nuar tangkal.
"Do... Jon..." digentraan duanana. Teu némbalan. Tunga-tengo. Halimun beuki kandel. Teu kaciri nanaon. Ukur haseup jiga nu luak-léok dina sela-sela tangkal.
Buru balik deui kana ténda. Rék nyokot lampu sorot. Ngarayap leumpang teu bisa rusuh. Geleser karasa aya nu ngarayap kana suku. Jleng, kontan ngagajleng ka tukang. Gedebut da pakojot kana tambang.
Nu ngarayap kalah jadi naék kana pingping. Teg pasti oray sanca. Diképéskeun téh lain lesang, tapi garicu. Dirampa teh jiga akar. Red nyangreud suku, beuki pageuh. Kokosodan, hayang lésot, kalah beuki mageuhan.
"TOLOOONG.. TOLOO..." Teu kebat. Kaburu aya areuy nyangreud palebah sungut. Halimun ngeketan. Ngalimpudan awak. Cep karasa kana sakujur awak. Tiisna leuwih nyecep tibatan és. Baju nu dipaké leyur jadi cai, tuluy robah jadi halimun. Buuk mimiti leyur. Kulit geus karasa tingsérését. Halimun beuki keket.***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya