Selasa, 1 September 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Wasiat

Rabu, 13 Juli 2016

ABAH Darja umurna 80 taun. Anakna dalapan urang. Jeneng kabéh. Sanajan cueut ka hareup, pakayana nu mangrupa sawah di pasisian kota masih diropéa ku manéhna jeung Mang Darma, panyawahna. "Bah, urang téh geus sakieu kakolotanna, leuwih hadé pakaya téh dibagikeun ti ayeuna," ceuk Ambu Irah. "Heug!" témbalna. Teu ngendek lila, Abah Darja tilar dunya. Ninggalkeun surat wasiat nu kudu dibacakeun di hareupeun warga lembur. Unggelna kieu :
"Kami, Darja, urang Ciwastra, nétélakeun yén sawah di Cikuntul nu legana 3 bau disérénkeun sagemblengna ka Darma urang Ranca Oray. Alesanna, anak kami geus teu miduli kana tatanén nu geus ngahirupan maranéhna. Malah ceuk béja, sawah rék dijual tuluy dipelakan batu. Teu panuju kami mah! Darja."*

Aris Kumetir - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya