Selasa, 1 September 2026
Sastra & Humor
Carpon

Ulin Cikalongan

Rabu, 13 Juli 2016

HANDAPEUN kiara jégang nu paeunteung-eunteung jeung Masjid Agung Cianjur, rentang-rentang préman pasar téh hohoak ka saurang aki-aki nu geus umur séngsérang padung. Suruntul bari ngabistélkeun peureupna.
‘’Tampanan serangan aing!’’sorana agem.
Keupeulan nu sagedé kalapa téh diarahkeun kana cukang irung si Aki. Tep. Leungeun katuhuna Aki Juha napel kana pigeulang musuh, dibarung suku katuhu nu ngised ka hareup. Jeblag. Gedebut jiga nangka asak.
‘’Aduuuh….’’
Kuniang hudang. Préman nu buukna rawag-riwig téh jung nangtung bari babatek awak. Panonna beuki beureum lir siki saga. Beungeut jamotrot. Gular-giler jiga heulang rék ngerekeb anak hayam. Dada jibang, kumisna baplang, leumpang semu égang. Reketek kadéngé ramo-ramona disarada. Jalma di pasar reuteum giak nyalampeurkeun. Haliwu. Ngagelek. Neuleu tongtonan haratis. Ramé pisan aya kajadian ragot. Galungan antara tukang bako jeung préman pasar. Abah Juha dina tangtungan kembar teu rengrot-rengrot. Seuri maur ka éta jajaka nu eukeur meujeuhna bedas tanaga.
‘’Deuleu éta….Dugika ngagubrag kitu si Sujang téh? Hehehehe…..Atos ah. Isin ku balaréa. Ceuk Aki ogé ulah tipoporongos. Hayang duit montong ku jalan teu hadé. Meres kanu dagang.’’ Nyemu nu ngalélécé. Sorot panonna liuh. Ngomongna ancad laér. Jarambahna geus loba silalatuan.
‘’Tong loba bacot! Can apal saha ari Ujang Codét? Maju siah!’’ Neugtreug bari rada cengkat gadona.
‘’Dalah Aki ogé moal ngejat satunjang béas. Sor….’’ Aki Juha pasang Cikalongan. Ulin warisan ti Raden Jayaperbata—Haji Ibrahim. Awakna semu rengkuh. Kuda-kudana sajajar. Leungeun katuhu ranggakgak lingkup.
Set éta pamuda téh nyabut peso balati tina cangkéngna. Seuseukeutna ngagurilap katojo panonpoé. Ibu-ibu nu ngalaliud pating jarerit. Aya anu rék misah tapi gimir ogé ningali pakarang anu geus dilugas mah. Jalma nepika ngaratusna. Péso ditojokeun dilelempeng kana jajantung Aki Juha. Sabot rék nepi kana sasaran, sakilat ditémpél leungeun kéncana tuluy leungeun katuhu nyekel beuheung Ujang Codét laju dipurilitkeun ku jurus Tomplok. Balukarna éta préman téh oléng, belewer dibalangkeun ku jurus Kocét. Orokaya awakna satengah hiber ngajengkang aya kana tilu meteran. Balati ngacleng. Manéha ngabebengkang bari calangap. Jiga nu leumpeuh yuni, préman nu ngajago kontan teu éling di bumi alam alatan sirahna tigejrét neunggar batu. Ti saprak kajadian éta, aranglangka préman nu sok maksa meresan duit ka tukang dagang di Pasarbaru—Cianjur. Aki Juha dipikasérab di lelewek éta tempat. Cenah ceuk nu ngawénéhan mah, Aki Juha téh muridna Gan Didi hiji sesepuh Maenpo Cikalong. Atuh puguh wé si préman téh neunggar cadas. ***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya