Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Darajat

Jumat, 15 Juli 2016

MOBIL aleut-aleutan, dibarung sirineu ngahéang nyingraykeun mobil séjén. Patalimarga ngarandeg sakedapan. Pangagung rék ngaliwat. Méngkol lebah gerbang pasantrén. Aleutan mobil parkir di buruan masigit. Pucunghul ti jero mobil, Dalem Boncél. Cenah mah seja silaturrahim ka Mama Ajengan Ahmad. Padahal jero-jerona mah, hayang ngiwat sora jama’ahna hungkul. “Nyuhunkeun widi sareng pidungana ti Mama, sim kuring badé manggung deui kanggo lima taun nu badé dongkap,” Dalem Boncél wakca. “Hoyong ngaréngsékeun program pangwangunan,” tuluyna, méré alesan. Ajengan Ahmad tacan nyarios nanaon kaburu kapegat ku nu uluk salam, tukang baramaén. Mama Ajengan cengkat tina calikna, ngabagéakeun kalayan hormat. Ngajak sasalaman bari ngesun leungeunna. Teu lila nu baramaén indit.
Dalem Boncél nanya ngemu kahéran, “Naha Mama langkung hormat ka tukang baramaén batan ka abdi, dugika sun panangan sagala?”
Nyéh, Mama Ajengan imut, “Sababna mah, Mama teu apal, naha éta jalma téh wali atawa lain!”
Dalem Boncél ngeluk tungkul, kapeupeuh mamaras.*

Rudi Alfajri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya