Yargo
MANÉHNA, lalampah ka basisir. Rék nyirnakeun pikir. Mamawa tatu nu raca na dadana. Salaksa kapeurih pating jorélat milaraan. Pateuh deui, sanggeus kabéh rasa tamplok teu nyésa. Kanyaah jeung kacinta, teu bisa meruhkeun lalaki nu dipikadeudeuhna.
Nénéangan sayang, geusan pangreureuhan. Hayang nu satia nepi ka mangsa layung hibar na wanci sareupna. Mikasono dada dampa panyarandéan mangsa tunggara. Teu timu. Teu kawénéhan panggih jeung jirim nu mikahéman.
Manéhna, cunduk ka basisir. Laju nitipkeun ringkang jeung kalangkang cidra kana lambak nu ngagalura. Sugan kabawa ka jauhna. Hayang lita. Taluk, moal hayang deui dijajah tresna.
Peuting turun dibaturan purnama. Nu sungkawa ngagorowok satakerna
“Lalaki satiaaa…, geus euweuh dikieunaaa!” Bluk nyuuh kana kikisik, diteumbagan létah ombak nu patingsiriwik.
Kacengkatkeun ku sora nu ngaguruh. Panonna nu halimunan mencrong kana lampu nu patingborélak hareupeunana. Aya nu leumpang ngadeukeutan.
“Kuring, Yargo!” Gep kana cangkéngna. Laju mumbul muru cahaya nu ngaguliweng luhureun sagara.*
Tiktik Rusyani - kisuta.com


