Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Nu Indit Peuting

Senin, 18 Juli 2016

REUP. Panonpoé surup. Nyumput tukangeun gunung nu ngajega, nyalindung. Belegbeg. Tambah lila tambah hideung, awor jeung petengna peuting tungtung bulan. Rap. Pakéan nu ditatap diusap disampaykeun kana awak lempayna. Dangdak-déngdék meta hareupeun eunteung. Mapantes dangdanan, malah mandar jadi modal awal nu bakal ngadatangkeun untung.
Rep. Orok umur sataun dirérépéh ku ninina. Diparéndé. Dipangpalérkeun ku rupaning jampé pamaké. Ti nu heubeul mangrupa ayun ambing tug ka nu ngiwari sora musik klasik tina bonéka. Jajap nu rék lumampah. Turun ka buruan ti lawang tukang. Rerencepan. Nyingkahan panon tatangga nu teu weléh panasaran. Hayang apal tepi ka bubuk leutikna bari jeung goréng sangka.
Rup. Halimun turun, nyimbutan peuting nu jempling. Ngukuntit nu indit nyiar kipayah salah mangsa, ukuran balaréa, tapi henteu mungguh manéhna. Wanci, teu beurang teu peuting, sarua hargana. Kari kumaha ngokolakeunana. Sok sanajan peureum tapi ari puguh raprapanana mah moal burung répéh nepi ka tungtung.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya