Love in Vain
MIMITINA, ukur teuteup séwang-séwang. Laju cimata ngeclak. Raheut geusan ngajadi mili nu teu kaampeuh. Ninggalkeun lita nu hamo bisa walagri. "Nganti téh nyeri, Bén." Aya sora. Sabada Bén, ngahiang tanpa sabab jeung ucap. Satemenna, haté Még, geus ngancik na satengahing haté, Bén. Nyaliara ka saban sikluk urat-urat getih nu ngahuru mokaha. Nyaliksik tiap jeungkal jeroning dada, nu manéhna cangcaya naha geugeut atawa ceuceub. "Sajatina lalaki, ngongklangan kahéman pikeun dirina sorangan." Sora dumareuda. Bén, ngadak-ngadak embol, sagalana karasa ganjor. Wil, lanceuk Bén, banget deudeuhna ka Még. Kitu ogé si bungsu Sam, nu rékép nyamunikeun eusi haténa. Dina waktuna Még, milih Wil, keur Bén, teu ieuh jadi kapeurih. Bén mah teu boga cinta, ukur manusa nu ngagunasika. Pikeun Bén, cinta téh sosoca nu geus ilang genclangna. Tatapakanana geus jadi kekebul nu katiup angin guligah. Sedengkeun Még, misti hirup dina gudawangna rasa, antukna leuwih milih jalan éndah pamustungan, nuturkeun Sam, nu geus miheulaan.*
Budi Mugia Raspati - kisuta.com


