Oplosan
"KUMPUL yu di markas ké peuting. Béjaan barudak. Urang boga nu haneut. Meunang meuli ti si Karja. Manéhna dagang, euy ayeuna mah. Didiskon kénéh cenah. Lima belas sabotol."
"Hayu, Kang. Siap lah. Saha waé?" ceuk Si Bolot haget.
"Lah nu biasa wé atuh. Manéh, Si Manuk, Si Monyong, adina, Si Embé, tuluy saha tatangga manéh téh?" témbal si Gagan.
"Oh, Kang Carmad. Euweuh di dieu manéhna mah. Indit gawé pan di Bekasi."
"Heueuh nu aya wé atuh. Jam dalapanan lah nya. Urang haroréam lila di imah téh. Pamajikan ngan ceurik wé. Pusing lah."
"Siap. Ké urang nyampeur nya ka ditu"
"Montong. Dagoan wé di markas. Ké da ku si Karja rék dianteurkeun cenah."
"Nya atuh."
Jam dalapan geus naragog di lapang poli sisi kebon awi. Jol Karja nganteurkeun pesenan kana kérésék. Buru-buru dibaroro.
Ceg sabotol éwang.
"Ngeunah jigana ieu mah, Ja."
"Nya sepesial atuh pan,"témbal Karja. "Nya geus nya, kabéh geus dikadieukeun da. Urang mah loba kénéh oplosaneun. Loba nu pesen."
Geus teu narolih deui. Kuliwed Karja ka tukangeun dapuran awi. Nyérangkeun nu keur suka-suka ngarinum oplosan jieunan manéhna.
Kerejet-kerejet nu keur sukan-sukan téh tingkerejet. Kudupruk nyararuuh dina taneuh.
"Tah, ayeuna mah moal aya deui nu sok nganyerikeun haté Anjeun téh, Nyi Éna. Akang kajeun teuing dibui, tinimbang kudu ngadéngé kocéak dengékna Anjeun disiksa ku si Gagan méh unggal poé. Najan urang geus lain-lainna deui, tapi kanyaah Akang ka Anjeun mo ilang nepi ka iraha gé."***


