Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Haréwos ti Sawarga

Sabtu, 23 Juli 2016

DIA éta saha wawanianan mapatahan kana aing, nu biasa hirup doang kieu. Geus kebel géh aing mah kieu ieuh. Télok aya nu nyarék deuk kitu-kieu géh. Aing ieuh. Na ari dia, maké ngonokeun sual salah-bener, hideung-bodas sagala. Doang geus noong ka pagéto baé dia. Deuk bodas tah, deuk hideung tah, kuma aing baé jing. Ja aing ieuh. Teu nyusahkeun dia. Gararati amat. Teudeuk aing sailu-iluna kana ceuk dia. Aing nya aing, atuh dia nya dia meureun. Opénan amat dia.
Haté galécok.
Dibulak-balik, keukeuh teu tarima ieu haté.
Kebel hirup di jalan, di karaton kolong jambatan. Sawarga kabébasan lampah aing. Ujug-ujug kudu kitula-kieula. Seneb aing.
Tilu bulan, ta bikang ema-ema, mantékan haté. Doang nu heueuh deuk maliré kana aing.
Basa sawarga jambatan aing ambrol, dihakan proyék panataan kota. Paburisat para abdina. Aing ogénan.
Reup, sawarga baganti dunya nyata. Doangna ieu naraka ceuk ema-ema téa geun.
Peuleuk, poék. Sawarga, naraka, dunya, leungit. Peteng nu aya.
Barang bray.
Dia, ema-ema nu nyampak. Ngaharéwos kana jejebir nu télok diharéwosan leuleuy. "Kula indung dia!"
Beuh sawarga nu sabenerna, parangsa nyay-nyayan némbongan, dibawa dia. Ema.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya