Selasa, 5 Mei 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Beungeut

Minggu, 24 Juli 2016

MUN wenang, hayang tukeur tambah ieu beungeut. Laju ngaganti ngaran. Mun bisa nawar, bapa uing lain anjeunna. Duh, Gusti! Di mana uing kudu nyumput? Teu kaop ngaringkang, dikukuntit. Diudag-udag. Diseleksek! Saréngkak saparipolah jadi sorotan. Kamerdikaan uing, sirna! Bongan, bongan bapa, lahuta! Bongan ema, ngahucuhkeun! Ngahuru, ngahatéan. Jadi pangagung tojoiah jeung cita-cita luhur kolot uing.
Pajarkeun, uteuk uing céték, cupet! Bisa suksés nyongcolang téh, lantaran bapa. Kitu ceuk Paburu warta. Humayua!
Apartemén Malati, lanté tujuh. Ngeunteung. Ijid, nempo tangtungan. Gap, silét. Halis ngajedig, dikurud. Lédak zincwhite kana! beungeut. Ngeplak! Ceg, lipensetip. Urahak! Nelek-nelek. Teu pangling teusing! Aya kénéh gurat bapa. Irung jeung seuri! Ngembang wéra.
Bray, jandéla. Angin nyelesep, mawa tingtrim. Aya rasa anéh nyaliara. Késang ngoprot, awak jibreg. Keteg jajantung tatalu teu ngawirahma. Buleud. Reup. Koléang. Blug! Nangkuban. Kusah-koséh. Kerejet. Teu empes-empes.
Blak. Bréh. Teu mangrupa!*

Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya